Sundanese, hiburan, tips kesehatan, kecantikan, gaya hidup, and more!

Cerita Dongeng Sasakala Rawa Bening, Jakarta!

by Kustian , at 2:39:00 PM , have 0 komentar

Sasakala Rawa Bening, Jakarta


Di Jakarta Kidul aya hiji tempat, anu ayeuna katelah Rawa Bening. Anu matak dingaranan kitu, lantaran baheulana rawa atawa ranca. Éta ranca téh caina canémbrang hérang, anu ku urang Batawi mah disebut “bening”. Nya nelah baé ngaranna Rawa Bening.

Nurutkeun sasakala mah, dongéngna kieu: Baheula, baheula gé baheula pisan, di dinya téh mangrupa pakampungan. Imahna loba, jelemana ogé gegek deuih. Ari pacabakan sapopoéna, umumna kana ngolah tatanén. Jelemana masih kénéh palercaya kana sabangsaning lelembut jeung karuhun, masih kénéh ngagem kapercayaan buhun.


Unggal taun jelema di éta lembur, sok ngayakeun sidekah bumi. Maksudna minangka rasa sukur yén maranéhna geus dibéré kasalametan. Lamun henteu ngayakeun sidekah bumi, cenah sok aya matakna keur urang lembur. Sok aya baé mamalana keur saréréa, saperti caah atawa datang rupa-rupa kasakit.  Kacarita dina waktu sidekah bumi, sakumaha kabiasaan urang dinya, sakur lalaki anu jagjag indit ka leuweung, moro sato gedé ngarah dagingna, da sangu mah moal kakurangan, lantaran taun éta panénna mucekil.

Éta daging rupa-rupa sasatoan téh, dijieun kadaharan keur sidekah bumi téa.  Bring atuh kabéh lalaki indit ka leuweung, mawa rupa-rupa pakarang keur moro. Aya anu mawa tumbak jeung kuli. Aya anu mawa gobang panjang. Aya anu ngan ukur mawa awi sateukteuk, congona diseukeutan saperti bamboo runcing. Geus puguh ari bedog mah, kabéh ogé mawa disorén na cangkéngna.

Ti subuh nepi ka tengah poé, maranéhna aya di leuweung, henteu manggihan sato hiji-hiji acan. Henteu banténg, henteu uncal, henteu manggih mencek- mencek acan. Padahal biasana mah di dinya téh kawilang loba sasatoanana. Malah banténg ogé tingdarangong.

Bari kacida haréraneunana, maranéhna ngariuhan handapeun kiara, lantaran geus ngarasa capé jeung panas. Aya anu nyarandé kana canir, aya ogé anu dariuk dina akar. Sawaréh deui gogoléran dina jukut, malah aya anu nepi ka nundutan sagala. Bawaning ku lunges jeung hareudang.

Aya salahsaurang nu hayangeun nyeupah, da baheula mah biasa lalaki nyeupah téh. Pék meulah jambé ku bedog dina akar. Jambéna beulah ngajadi dua, ari bedogna téa keuna akar, cer baé tina akar téh bijil getih. Lain geutah anu bijil tina akar téh, tapi ieu mah getih tur rupana ogé beureum.  Ari ku manéhna disidik-sidik, horéng akar téh bet sisitan.

Sarta teu kungsi lila nguliat lalaunan. Ari dilieuk ka tebéh luhur, sihoréng oray sanca gedé pisan, aya meureun sagedé catang kalapa mah. Sungutna calangap, huntuna ranggéténg, létahna anu nyagak elél-elélan.  Gancang baé atuh jelema téh pahibut. Aya anu ngadék, aya anu numbak, aya anu ngagebugan ku paneunggeul. Atuh henteu kungsi lila ogé, oray téh geus ngalonjor dina taneuh. Dagingna padangarecah ku saréréa, tuluy dibarawa balik ka imahna.

Baralikan bari saruka bungah.  Ari daratang ka lemburna, jelema-jelema téh pak-pik-pek, ngolahkeun daging oray téa. Sawaréh diangeun, sawaréh ditumpeng, sawaréh deui dipanggang ditiiran. Maksudna keur sidekah bumi téa. Keun baé ku daging oray ogé cenah, da sarua ieuh daging-daging kénéh.

Kacarita oray sanca anu tadi, sihoréng lain oray sanca samanéa, tapi oray sanca anu keur tapa. Barang jasadna geus paéh, sukmana salin jinis jadi budak buncir, tapi saurang ogé taya nu nyahoeun. Éta budak buncir téh awakna hideung, beuteungna bureuteu kawas nu cacingeun.  Sup budak buncir téh ka jero lembur, tuluy ngadatangan ka jelema-jelema, anu harita keur popolah daging oray.

Budak buncir ménta dahar, tapi saurang ogé euweuh anu méré, lantaran urang dinya mah maredit, tara daék tutulung ka nu keur butuh, tara daék tatalang ka nu keur susah.  Tina banget peurih beuteung, éta budak buncir leumpangna jajarigjeugan. Tepi baé ka hiji imah anu nenggang, ari anu boga imah téh nini-nini. Nénjo kaayaan budak buncir kitu, nini-nini téh karunyaeun pisan. Tuluy baé budak buncir téh dibéré dahar.

Dahar saaya-saaya baé, kawantu nini-nini téh lain jalma aya.  Sanggeus rérés daharna, budak buncir téh hayang mulang tarima, pok baé ngomong ka nini-nini téa, “Nini, ingetkeun omongan kuring nya. Lamun engké aya bancang pakéwuh, Nini kudu buru-buru mawa pangarih, ti dinya indit ka saung lisung, sangkan Nini bisa salamet.”

Ti dinya budak buncir téh indit, balik deui ka lembur anu rék sidekah bumi. Manéhna nyampeurkeun ka barudak, anu keur arulin bari ngambéng kadaharan, rupa-rupa kadaharan tina daging oray téa. Aya anu ngambéng panggangna, aya anu ngambéng goréngna atawa paisna, aya ogé anu ngambéng cobékna. Pok budak buncir téh ngomong, “Ka darieu barudak, tarénjokeun uing. Uing rék nancebkeun nyéré dina taneuh. Uing hayang nyaho saha anu bedas, nyaéta anu bisa nyabut ieu nyéré.” Budak buncir ngomong kituna téh, bari terus nancebkeun nyéré dina taneuh.

Barudak anu keur arulin saleuseurian, sabab maranéhna nyaraho, yén nyabut nyéré téh pagawéan énténg. Henteu kudu maké tanaga gedé. Salahsaurang budak ngomong kieu, “Ku uing éta nyéré rék dicabut, ngan lamun éta nyéré geus kacabut, manék rék dicabok ku uing.” Ngadéngé omongan kitu, budak buncir némbal semu nangtang, “Pék tah lamun nyéré kacabut, uing cabokan ku saréréa.

Ngan lamun henteu kacabut, kadaharan anu aya di maranéh, kudu dibikeun kabéh ka uing.” Ngadéngé omongan budak buncir kitu, barudak téh kabéh ogé saleuseurian. Aya hiji budak anu peupeuleukeuk, awakna ogé panggedéna di antara nu séjén. Manéhna ngajago pisan, nyabut nyéré ku leungeun kénca.

Nyéré henteu kacabut. Ku dua leungeun, henteu kacabut. Nepi ka dugang- duging luut-léét késang, malah nepi ka prat-prét-prot hitut sagala, nyéré téh henteu onggét-onggét acan.  Ahirna éta budak téh nyerah, gancang eureun nyabut nyéréna, bari balaham- béléhém semu éra. Dagingna dipénta ku budak buncir, henteu bisa ngorétkeun.  “Pék tah bisi aya anu rék nyabut deui, pilakadar ogé nyéré piraku hésé.

Perjangjianana mah saperti tadi baé,” ceuk budak buncir ka barudak séjénna.  Budak anu séjén baganti, nyoba-nyoba nyabut nyéré, tapi kabéh ogé taya nu bisaeun. Malah henteu onggét-onggét acan. Barudak téh kadaruhungeun, jaba ngarasa éra ku budak buncir, lantaran tadi geus nyacampah, jaba kadaharan lapur deuih, kabéh dipénta ku budak buncir.

Budak buncir kacida bungahna, henteu kungsi aya nu nyabok, malah meunang pirang-pirang kadaharan, tangka ranggém kénca katuhu. Ras budak buncir inget ka nini-nini, anu tadi méré dahar ka manéhna. Kadaharan téh dibikeun sawaréh

ka nini-nini, sawaréh deui didahar ku sorangan, bari diuk andékak hareupeun nyéré téa.  Barudak baralik ka saimahna-saimahna, aya anu nyarita ka kolotna, aya ogé anu nyarita ka lanceukna, aya ogé anu ngarita ka tatanggana. Nyaritakeun kaanéhan nyéré, anu dirancebkeun ku budak buncir. Sanajan ngan saukur nyéré biasa, tapi hésé pisan dicabutna, malah henteu bisa onggét-onggét acan.  Béja pabéja-béja, béja dibéjakeun deui. Antukna sapangeusi lembur nyaho.

Kabéh ngarasa panasaran, bring baé atuh nyampeurkeun budak buncir, teu sirikna kabéh pangeusi lembur tamplok. Geus puguh lalaki anu jagjag waringkas mah, salian ti panasaran téh bari aya karep séjén, nyaéta hayang ngawarah budak buncir, anu geus ngarebut kadaharan barudakna.  Datang ka tempat anu dijugjug, kasampak budak buncir keur diuk, nyarandé kana tangkal kalapa, bari ngusapan beuteungna anu bucitreuk.

Diukna nyanghareupan nyéré anu ahéng téa. Budak buncir henteu kagét henteu reuwas, kadatangan jalma anu sakitu lobana, lantaran geus disangka ti saméméhna.  Teu lila, torojol lalaki tengah tuwuh, anu dianggap kokolot di éta lembur. Pok éta kokolot téh ngomong, “Hé, Budak Buncir, mana nyéré, anu majar ceuk barudak anéh téh?” “Tah, éta aya di hareupeun manéh,” ceuk budak buncir bari angger diuk, ngomongna siga ka sasamana baé.

Mireungeuh paripolah budak buncir kitu, kokolot lembur rada nyeuneu ogé, beungeutna tangka euceuy lantaran ambek.  “Ieu ku aing nyéré rék dicabut!” cenah.  “Hég baé ari manéh bisa mah!” “Lamun ieu nyéré kacabut sia dicabok ku aing!” “Hég baé ari bisa kacabut mah!” “Dicabok ku saréréa, ku jelema salembur!” “Hég baé, uing mah henteu sieun!” Budak buncir ngomongna angger teugeug.  Pok budak buncir ngomong deui, “Ngan lamun henteu bisa kacabut, kabéh daging jeung kadaharan séjénna, anu aya di manéh kudu dibikeun ka uing!”

Ngarasa ditangtang jeung dihina basa, kokolot lembur buru-buru nyabut nyéré. Tangka dugang-duging jeung boborot késang. Boro-boro kacabut, teu onggét- onggét acan. Ahirna mah kokolot lembur boboléh.  Kabéh anu narénjokeun ngarasa panasaran, pangpangna mah lalaki anu jagjag waringkas. Saurang-saurang maju rék nyabut nyéré. Hasilna sarua jeung nu enggeus-enggeus, euweuh anu bisaeun nyabut nyéré, malah loba anu kawiwirangan.

Aya anu nepi ka dut-dut hitut, aya anu nepi ka wér-wér kiih. Teu saeutik anu ngajengkang béak tanaga.  Kabéh sapangeusi lembur tingharuleng. Kumaha carana nyabut éta nyéré, sabab lamun euweuh nu bisa nyabut, kabéh bakal karurugian. Daging jeung sakabéh kadaharan, anu diajangkeun keur sidekah bumi, kudu dipasrahkeun ka budak buncir. Atuh meureun moal jadi sidekah bumi téh.

Keur tingharuleng kitu, torojol aya jajaka jangkung badag, kawéntar tukang gelut tukang jogol. Tong boronong jogol jeung jelema, dalah jogol jeung banténg ogé, can kabéjakeun kungsi kawiwirangan. Dagal-digil jeung bedegul, peupeuteuyanana ogé beberihalan, bitisna deuih babalingbingan.  Nénjo jajaka anu anyar datang, kabéh sapangeusi lembur surak, surak bakating ku bungah. Pangrasana bakal aya anu bisa ngajait tina karurugian jeung wiwirang.

Piraku cenah jelema salembur, bisa kadéséh ku budak buncir hiji.  Éta jajaka anu anyar datang téh, anu keur meujeuhna buta tulang buta daging, terus singkil bari rada gumasép. Boga rasa pangbedasna pangrongkahna. Pék nyabut nyéré hareupeun budak buncir. Sakali, dua kali, nepi ka puluhan kalina, nyéré angger henteu bisa kacabut. Tungtungna waléh baé teu sanggup, tanagana geus méh beak.  Kabéh jelema tingharuleng deui.

Tuluy tingharéwos jeung padabaturna. Néangan akal satékah polah, sangkan henteu kudu nedunan jangji, wantuning kabéh pangeusi lembur téh, jelema korét jeung kawéntar tukang licik. Maranéhna embung karoroncodan, daging jeung sakabéh kadaharanana, kapimilik ku batur nyaéta ku budak buncir.

Pok wé kokolot lembur téh ngomong, “Ayeuna mah kieu baé, saréréa kudu sapuk jeung uing. Éta nyéré ditancebkeun ku budak buncir, jadi kudu dicabut deui ku budak buncir. Lamun éta nyéré henteu kacabut, urang saréréa henteu kudu masrahkeun daging jeung kadaharan ka budak buncir.” Kabéh sapuk kana omongan kokolot lembur.

Ngadéngé caritaan kokolot lembur kitu, budak buncir ngahuleng sajongjongan. Ku manéhna kahartieun, éta téh siasat. Sanajan éta nyéré kacabut ogé ku manéhna, urang lembur can tangtu nohonan jangjina. Sarta lamun geus bisa kacabut, tangtu bakal aya paméntana anu séjén. Bisa jadi paménta anu pamohalan pisan.  Sanggeus mikir kitu, budak buncir ngomong, pokna, “Heug, ieu nyéré ku uing rék dicabut. Uing nyaho maranéh kabéh bakal jalir jangji, lantaran boga sipat hawek jeung licik.

Ngan lamun ieu nyéré geus kacabut, maranéh kabéh bakal musna, minangka hukuman jelema-jelema, anu hawek jeung sok ngalicikan ka batur. Ngan saurang di lembur ieu nu bakal salamet.” Barang éta nyéré dicabut ku budak buncir, cer baé cai mancer tina urutna, beuki lila beuki ngagedéan, sarta tuluy leb-leban minuhan lembur. Antukna éta lembur téh jadi situ. Jelema katut imah-imahna kabéh kakelem. Ari budak buncir téa mah, les baé ngaleungit lir anu diteureuy lemah.

Ngan nini-nini saurang anu salamet téh, anu diingetan ku budak buncir téa. Barang ngadéngé nu tinggorowok, nini-nini mawa pangarih ti dapur, terus lumpat ka saung lisung. Manéhna tumpak lisung dina cai, ngaboséh ku pangarih, salamet henteu kakelem ku cai.  Saurang ogé taya nu nyaho, geus sabaraha lilana éta kajadian téh, tangtuna ogé mangratus-ratus taun. Éta situ téh lila-lila jadi déét, anu disebut ranca atawa rawa.

Ku lantaran caina kacida hérangna, anu ku urang Batawi mah disebut “bening”, nya katelah baé ngaranna Rawa Bening.  Kiwari mah Rawa Bening téh, geus jadi deui lembur anu kacida gegekna. Malah geus jadi dayeuh anu kawilang ramé. Imahna ogé geus lain imah panggung deui, teu saeutik gedong-gedong anu jarangkung. Sanajan kitu, méh unggal taun sok jadi situ, lantaran kakelem ku cai cacaahan ti girang, komo lamun usum ngijih anu pohara mah.





Cerita Dongeng Sasakala Rawa Bening, Jakarta!
Cerita Dongeng Sasakala Rawa Bening, Jakarta! - written by Kustian , published at 2:39:00 PM, categorized as Dongeng sasakala , Dongeng sunda . And have 0 komentar
No comment Add a comment
Cancel Reply
GetID
Copyright ©2016 Putrasunda.com