Sundanese, hiburan, tips kesehatan, kecantikan, gaya hidup, and more!

Contoh Carita Pantun, Sang Prabu Jaka Susuru !

by Kustian , at 2:25:00 PM , have 0 komentar

Contoh Carita Pantun

"Sang Prabu Jaka Susuru"


Di Désa Sukaramé, Kacamatan Ciranjang, kabawah ka Kabupatén Cianjur ayeuna, aya lembur anu nelah Lembur Susuru, lembur anu mibanda ajén carita, nyaéta patilasan Sang Prabu Jaka Susuru, sakumaha anu kaunggel, dina carita anu dicaritakeun deui.  Kocapkeun di Nagara Pajajaran, nagara anu subur mamur, gemah ripah loh jinawi.

Ari anu jadi rajana harita, Sang Prabu Siliwangi nu katujuh. Raja anu adil tur wijaksana, anu matak katurut ku abdi-abdina.  Kangjeng Raja kagungan putra pameget, keur sumedeng rumaja putra, belekesenteng buta tulang buta daging. Ari rupina kasép taya babandinganana, dedeg sampé rupa hadé, dibarung ku hadé tata hadé basa. Dupi kakasihna anu kaceluk, Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi.


Ari dina hiji poé Sang Raja magelaran, dideuheusan ku patih, parabupati, jeung paramantri ponggawa sakabéh. Sami hémpak di paséban balé agung. Sang Raja mundut tinimbangan, réh putrana rék dijenengkeun bupati, di hiji kabupaten anyar, anu kudu diadegkeun ku sorangan.  Sang Raja mariksa anu sami hémpak, “Kumaha sapuk atawa henteu? Upama aya anu henteu sapuk, mending caritakeun baé ayeuna, urang badamikeun kumaha hadéna.

” Nu dipariksa ngawalon saur manuk, yén ngiringan kana pangersa Sang Raja. “Sukur ari kabéh geus sapuk mah.” Pok Sang Raja ngalahir ka putrana, “Éta kabupatén anyar téh kudu di wétan. Pék téangan tempat pinagaraeun anu aya di Tatar Alas Pasagi Wétan. Tempat anu kacida alusna pikeun dijadikeun nagara anyar. Jig geura indit ti nagara ayeuna kénéh, meungpeung ninggang dina mangsa nu utama.

” Méméh angkat ngantunkeun nagara, Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, dipaparin jimat ku nu jadi ramana. Nyaéta Makuta Siger Kancana jeung Lawé Domas Kinasihan, minangka tanda seuweu-siwi Siliwangi, pencaran ti Nagara Pajajaran.

Sanggeus nyungkem ka kang rama, Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, nembé jengkar ti karaton, diiring ku dua mantri kapetengan, Sewana Giri jeung Sewana Guru, nu baris ngaping ngajaring, salami lumampah milari pinagaraeun di Tatar Alas Pasagi Wétan.  Radén Anom angkatna badarat, asruk-asrukan nyorang leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung luwang-liwung harieum geueumeun.

Ti poé ka poé lumampah taya reureuhna. Dahar paké teu pati kapaliré, saré ogé sakadar tamba palay.  Barang nepi ka hiji tempat, reg tiluanana ngarandeg, ngawas-ngawas patempatan. Di dinya téh tanahna léndo, caina curcor, kaayaanana hadé, nu biasa disebut galudra ngupuk. Cindekna pantes kacida pinagaraeun.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, énggal baé muja semedi, nyuhunkeun pitulung Sang Hiang Otipati, supaya éta tempat téh jadi nagara. Panedana ditampi ku Nu Kawasa, harita kénéh di dinya téh jleg baé jadi nagara. Nagara teuing ku santosa, bénténgna lima ngajegir, hiji bénténg beusi, hiji bénténg waja, hiji bénténg tambaga, hiji bénténg pérak, hiji deui bénténg beusi purasani.

Karatonna ayana di tengah-tengah, alus agréng sarta agem taya bangsana, wantuning buatan Déwa. Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, lajeng menekung deui ka Déwa, nyuhunkeun pibaladeun: 8000 satria, 80.000 perjurit jeung 80 badéga nu pinguruseun karaton. Éta ogé tinekanan deui baé, ku Déwa dilaksanakeun.  Dadak sakala nagara téh geus jadi ramé, gegek cacah jiwana, dug-deg paimahanana.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi miwarang hiji utusan ngadeuheusan ka ramana, unjuk uninga yén nagara parantos ngadeg, sakalian nyuhunkeun pingaraneun éta nagara.  Gancangna carita baé, Utusan geus balik deui ti Pajajaran, nagara anu anyar diadegkeun téh dipaparin ngaran ku Raja Pajajaran, nyaéta Nagara Tanjung Singuru, sarta rajana dipaparin jenengan Sang Prabu Jaka Susuru.

Nagara Tanjung Singuru, lami-lami janten nagara kerta raharja, pangeusina beuki tambah gegek baé. Tapi Sang Prabu Jaka Susuru, ngarasa keueung cuang- cieung, taya batur pakumaha dina sela-sela ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, ku margi henteu kagungan praméswari. Anjeunna nimbalan Mantri Sewana Guru ngajugjug ka Nagara Bitungwulung, réh aya selenting bawaning angin yén Bupati Bitungwulung, Pangéran Jungjang Buana, kagungan putra istri dua.

Jenenganana Sekar Jayanti, jeung adina Jayanti Kembang.  Sadatangna ka Bitungwulung, Mantri Sewana Guru nepikeun maksudna, ditampi ku Pangéran Jungjang Buana. Ngan Ki Mantri teu werat salahsahijina, lantaran putri duanana ogé gareulis, geulis lain pupulasan sagala-galana, surup pisan kana jadi praméswari.

Antukna baé éta putri téh dilamar duanana. Ku ramana disanggakeun duanana. Harita kénéh ogé dua putri dijajapkeun, disarengan ku ramana diiring upacara. Teras baé duanana diréndéngankeun sareng Sang Prabu Jaka Susuru di Nagara Tanjung Singuru.  Der baé atuh pesta ramé kacida, tujuh poé tujuh peuting taya eureunna. Tatabeuhan ngageder beurang-peuting. Jalma daratang ti suklakna ti siklukna, kabéh tamplok minuhan alun-alun, némbongkeun kabungahna ka nu jadi raja, yén ayeuna tos kagungan praméswari, anu geulis kawanti-wanti, sadua-dua.

Sigeug heula anu keur oléng-pangantén. Kocap aya hiji raja di Gunung Gumuruh, kakasihna Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Éta raja di karatonna disarengan ku rai istri, jenengan Ratna Kembang, réh anjeunna teu acan kagungan garwa. Lain teu niat lain teu hayang, cenah, ngan nganti-nganti wanci nu mustari.  Ari éta Nagara Gunung Gumuruh, perenahna henteu jauh ti Tanjung Singuru. Malah tepung wates jeung Tanjung Singuru. Jadi waktu pésta réndéngan Sang Prabu Susuru, karaméan nu sakitu matak geunjleungna, hawar-hawar kadangueun ku Badak Tamela.

Katambah-tambah loba rahayat nagrina, anu indit sirib ngadon lalajo karaméan pésta.  Nya tuluy mariksakeun ka raina, “Nyai, di mana pésta anu kakuping téh? Jeung méstakeun naon deuih? Jigana henteu jauh ti nagara urang, da loba rahayat urang anu ngadon lalajo.” Ku Ratna Kembang diwalon, yén putra Bupati Bitungwulung duanana diréndéngankeun ka Prabu Jaka Susuru, péstana diayakeun di Tanjung Singuru.

Badak Tamela kacida ngarénjagna, bendu munggah ngagugudug, amarah munggah henteu kawadahan, réh anjeunna aya manah ka éta dua putri, dikemu ti baréto diceungceum ti baheula. Ari ayeuna, geus meujeuhna manjing sawawa, diiwat ku raja anyar tatanggana. Duanana deuih, teu nyésakeun keur batur.  Badak Tamela ka luar ti karaton, ngajugjug ka Tanjung Singuru karepna gilig rék ngiwat putri nu dua. Sajajalan anjeunna hulang-huleng, néangan akal anu rikip tur lantip. Barang geus manggih, nyéh seuri sorangan.

Raja anyar anu dianggapna cucungah, baris meunang wawalesna anu satimpal.  Teu kungsi lila geus nepi baé ka nu dijugjug. Ngajanteng sakeudeung hareupeun lawang jaga. Mundut diunjukkeun ku nu ngajaga karaton, tuluy Badak Tamela téh ngadeuheus ka Prabu Jaka Susuru di srimanganti, api-api nu rék ngabakti tawis katineung, ka raja anu keur oléng pangantén. Pok unjukan Badak Tamela unjukan, “Nu mawi Kakang ngadeuheus téh seja nyanggakeun tawis kagegelan, nyaéta inten sagedé énéng. Nanging aya hanjakalna saeutik.

Ku tina sakitu gedéna éta inten, teu aya nu bisa ngajungjung-jungjungkeun acan.” Sang Prabu Jaka Susuru katingal saregep, kataji ku cariosan Badak Tamela. Pok Badak Tamela sasuran deui. “Rupina moal aya nu iasa nyandak éta inten, anging Kang Rai Prabu Jaka Susuru, anu kamashurkeun bedas tur sakti. Dupi éta inten téh ayana di Kawah Domas.” Prabu Jaka Susuru téh percanten baé kana sagala cariosan Badak Tamela téh. Anjeunna geus teu kaampeuh, palay geura ngéngingkeun éta inten. Sanaos diwagel ku praméswari duanana, anjeunna henteu ngagugu.

Pangrasana luhu élmu loba pangarti, piraku henteu bisa kitu-kitu acan mah.  Teras baé anjeunna angkat ka Kawah Domas, diiring ku Sewana Guru katut Sewana Giri. Barang nepi ka biwir Kawas Domas, tiluanana disuntrungkeun ku Badak Tamela, gebrus baé kana kawah anu panas, sarta tuluy éta kawah ditutup ku batu gedé. Geus kitu Badak Tamela gura-giru balik deui, muru ka Tanjung Singuru rék ngiwat putri.  Sekar Jayanti jeung Jayanti Kembang wantuning terusing kusumah, duanana meunang wirasat goréng, yén baris aya nu ngiwat.

Pikeun tanda yén satia ka carogé, tuluy baé duanana ngalolos ti karaton, mubus ka leuweung anu suni. Nyaung-nyaung di tempat anu singkur.  Lami ti lami, dua putri téh kakandungan. Barang nepi kana bulanna, brol duanana babar patutur-tutur. Putrana pameget kawas nu kembar, rupina kasép ngala ka ramana. Murangkalih mulus banglus taya kuciwana.

Aya taunna éta dua praméswari hirup di leuweung katut dua putrana. Pipindahan henteu netep di hiji tempat. Lila-lila ka luar ti pileuweungan, nya anjog ka Nagara Tanjung Sembara. Din hiji mangsa, ngadeuheusan ka rajana, nyarioskeun lalampahan ti awal nepi ka ahir.  Éta raja saé pisan pangangkenna ka éta dua praméswari jeung putrana. Dipernahkeun di karaton disaé-saé. Ari jenengan nu jeneng raja di dinya, nyaéta Prabu Gajah Kumarasakti.

Praméswarina kagungan dua, Purba Déwata jeung Ratna Déwata.  Tina welasna ka Prabu Jaka Susuru, énggal baé Gajah Kumarasakti mepek balad, badé ngarurug Badak Tamela nu harita ngajabel Nagara Tanjung Singuru. Sanggeus samakta prajurit katut pakarangna, leugeudeut baé ti dayeuh Tanjung Sembara. Ngajugjug ka Nagara Tanjung Singuru.  Badak Tamela geus tatan-tatan, metakeun panganggo jeung pakarangna, karepna rék némbongkeun kasakténna.

Badak Tamela kaluar ti karaton, tuluy baé mapag musuh lir banténg ngamuk. Balad-balad Tanjung Sembara patinggolépak, dicacar bolang ku Badak Tamela.  Ningali galagat kitu, Gajah Kumarasakti maju ka pakalangan. Der perang tanding kacida ragotna. Lila-lila Badak Tamela kasoran, éléh jajatén ku Gajah Kumarasakti. Badak Tamela teu manggapulia, tungtungna karingkus ku Gajah Kumarasakti.  Badak Tamela anu geus éléh jajatén, ménta ampun ka Prabu Gajah Kumarasakti. “Ampun Sang Prabu, kula ménta dihampura, ménta hirup jeung huripna.

” Prabu Gajah Kumarasakti nimbalan, Gajah Tamela baris dipaparin ampun, tapi Prabu Jaka Susuru jeung pangiringna, kudu dikaluarkeun deui ti Kawah Domas.  Gura-giru Badak Tamela ka Kawah Domas. Batu gedé anu nutupan éta kawah, diangkat tuluy dialungkeun jauh pisan, kawantu Badak Tamela tanagana bedas.  Énggalna Prabu Jaka Susuru. kitu deui Sewana Giri jeung Sewana Guru, dikaluarkeun ti jero Kawah Domas. Badak Tamela nyuhunkeun ampun, bari ngabaktikeun rayina téa, anu geulis Ratna Kembang.

Pangbaktina ku Prabu Jaka Susuru ditampi, sarta tuluy Badak Tamela dijenengkeun jadi bupati di Gunung Gumuruh, anu kabawah ku Nagara Tanjung Singuru. Sasumpingna ka dayeuh Tanjung Singuru, Sang Prabu Jaka Susuru silihrangkul sareng Prabu Gajah Kumarasakti nawiskeun tumarima kana pitulungna.

Der pésta, tujuh poé tujuh peuting. Leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus. Lantaran sasatna éta pésta, dipiluan ku abdi-abdi ti tilu nagara.  Sang Prabu Jaka Susuru teras-tumeras ngeréh Nagara Tanjung Singuru, diaping ku tilu praméswari: Sekar Jayanti, Jayanti Kembang, jeung Ratna Kembang. Tambih-tambih suka manahna, ku margi ayeuna tos kagungan dua putra. Ceuk sakaol, Prabu Jaka Susuru téh, patilasanana natrat di Lembur Susuru téa.





Contoh Carita Pantun, Sang Prabu Jaka Susuru !
Contoh Carita Pantun, Sang Prabu Jaka Susuru ! - written by Kustian , published at 2:25:00 PM, categorized as Carita pantun . And have 0 komentar
No comment Add a comment
Cancel Reply
GetID
Copyright ©2016 Putrasunda.com