Kumpulan Berbagai Artikel Pembelajaran Berbahasa Sunda, Dan Tips Lainnya.

Contoh dongeng mite nyi roro kidul bahasa sunda lengap

Dongeng mite nyi roro kidul


Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja, kakasihna Sang Prabu Munding Wangi. Ti prameswari kagungan putra istri, jenenganana Dewi Kadita, anu kageulisanana pilih tanding, kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, malah nepi ka nelah Dewi Srangenge, lantaran cahayana moncorong lir srangenge.

Dewi Srangenge kacida pisan dienodna, dipikanyaah ku ibu sareng ramana, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sanaos kitu, Sang Prabu teu weleh neneda, neneda ka Hyang Dewata katut batara-batari, sangkan anjeunna kagungan putra pemeget.

Nanging anu diantos-antos teh, ti prameswari Raja teu kagungan putra deui. Teu kantos lami ti harita, Kangjeng Raja kagungan deui putra. Sanes ti prameswari, nanging ti selir, anu jenenganana Dewi Mutiara.

Putrana pameget luyu sareng kapalayna. Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna. Sami sareng ka Dewi Srangenge, ka putra ti Dewi Mutiara oge, kalangkung-langkung nyaahna.

Sanaos Dewi Mutiara tos nyenangkeun Raja, ku jalan kagungan putra pameget tea, nanging ku margi Dewi Mutiara teh selir, linggihna angger bae di gedengeun karaton, henteu di lebet karaton sapertos prameswari.

Manah Dewi Mutiara ngageremet teu sugema, timbul bae rasa ceuceub ka prameswari, dibarung ku rasa sirik ka Dewi Srangenge. Malah aya leuwihna ti kitu, manehna boga kahayang, sangkan anakna jadi raja.

Lamun seug anakna jadi raja teh, tangtu kahirupanana bakal robah. Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna. Sahenteuna atuh jadi indungna raja, disarebutna oge tangtu Ibu Suri.

Dewi Mutiara terus mikiran. Sanajan anakna lalaki, salila di karaton masih aya keneh Dewi Srangenge jeung prameswari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun sina ingkah ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana?

Kabeneran aya nu ngabejaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awewe tukang tenung sakti, an ngaranna katelah Nini Jahil. Ngadenge eta beja, Dewi Mutiara kacida pisan bungahna. Tuluy nitah emban kapercayaanana, nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu.

Barang tepung jeung Nini Jahil, pok Dewi Mutiara nyaritakeun niatna, nya eta hayang nyingkirkeun Dewi Srangenge katut prameswari. “Kumaha sanggup?” cek Dewi Mutiara. “Tai ceuli atuh nu kitu mah,” jawab Nini Jahil. “Tapi entong dipaehan,” cenah deuih. “Ulah hariwang,” Nini Jahil siga nu yakin.

Maksud maneh Dewi Mutiara teh, prameswari jeung Dewi Srangenge, rek ditenung supaya beungeutna ruksak.


Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir, atawa disingkurkeun ka leuweung, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.

Kacaritakeun dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sarare tibra, Nini Jahil asup ka jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang oge anu nyahoeun. Para-ponggawa nu ngajaraga kabeh sararena kawas bangke, gara-gara elmu sirep Nini Jahil.

Sup manehna rerencepan, asup ka pangkuleman prameswari. Terus ngaluarkeun elmu tenungna. Ku matih-matihna elmu tenung Nini Jahil, harita keneh pameunteu prameswati pinuh ku bisul sagede-gede suuk.

Teu kaop katoel meueusan, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir.
Beres prameswari ditenung, giliran Dewi Srangenge. Ieu oge sami sakedet netra pisan, pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi goreng patut.

Pinuh ku koreng, borok, jeung bisul. Sarua deuih teu kaop katoel saeutik, barijil nanah campur getih, bauna semu hangru. Nini Jahil kaluar ti karaton, tuluy nyampeurkeun ka Dewi Mutiara. Nini Jahil nyaritakeun pagaweanana, geus nenung prameswari jeung anakna. “Moal teu buruk geura tah beungeutna!” ceuk Nini Jahil bari seuri nyikikik.

Dewi Mutiara kacida pisan bungahna. Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik.
Teu kungsi lila ti harita, Dewi Srangenge gugah, margi ngambeu babauan. Anjeunna ungas-ingus, tetela asalna tina pameunteu anjeunna.

Dewi Srangenge ngeunteung. Ari breh ningal pemeunteuna, Dewi Srangenge ampir-ampiran ngajerit, bakating ku reuwas jeung sedih. Ras Dewi Srangenge emut ka ibuna, enggal lebet ka kamar ibuna, teras diguyah-guyah digugahkeun.

Naha atuh ari breh teh, geuning sanasib jeung anjeunna. Pameunteuna sami-sami ruksak, pinuh ku borok jeung bisul nanahan, sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.

Indung jeung anak, antukna ceurik paungku-ungku. Duanana rerencepan kaluar ti kaluar. Terus kaluar ti karaton. Pangemut anu duaan, meh sami, jang nanahaon aya di karaton oge, lantaran boga beungeut beda ti batur. Ti batan diusir ku Kangjeng Raja, mending miheulaan kabur ti nagara.

Isukna ibur sapangeusi karaton, prameswari jeung Dewi Srangenge, wengi-wengi ngalolos ti karaton. Taya anu nyahoeun saurang oge, ka mana leosna eta dua putri teh. Sabalikna jeung Dewi Mutiara, ngadenge eta beja teh seuri bungah, lantaran maksudna geus laksana. Nyingkirkeun prameswari kadua anakna.

Prameswari jeung Dewi Srangenge, duaan leumpang sakaparan-paran, lumampah nuturkeun indung suku. apruk-aprukan teu puguh nu dijugjug. Mubus ka leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Hatena nalangsa kabina-bina.

Sakali mangsa jog ka hiji patapan. Patepang jeung hiji pandita. Bubuhan pandita sakti, mibanda elmu linuhung, weruh sadurung winarah, pribumi langsung uninga, istri anu sarumping teh taya sanes, prameswari kadua putrana, sanaos pameunteuna kacida ruksakna.

Henteu papanjangan carita, prameswari jeung Dewi Srangenge, diangken langkung ti misti, malah dianggap putra jeung putu. “Nyai jeung incu Eyang, ayeuna teh keur meunang cocoba. Cocoba anu sakitu beuratna. Ayeuna mah ngarereb bae di dieu,” ceuk Ki Pandita ka prameswari.

Prameswari kadua Dewi Srangenge, ahirna ngarereb di patapan. Ki Pandita usaha satekah polah, ngalandongan panyawatna. Tapi ku matih-matihna tenung Nini Jahil, Ki Pandita teu tiasa ngalandongan. Aya ari pituduh mah eta oge, pituduh ngeunaan jalma anu juligna.

Eta dua istri kacida ngarumasna, tuman hirup di karaton sagala nyampak, ari ayeuna di patapan sagala euweuh. Euweuh nu ngaladenan-ngaladenan acan. Eta anu salawasna jadi emutan prameswari, utamana mah nasib putrana ka payunna.

Ku tina seueur teuing emutan tea, brek bae prameswari teh teu damang, tug dugi ka pupusna di patapan. Ki Pandita kacida pisan ngangresna, mireungeuh kaayaan prameswari kitu. Nyel bae aya karep males kanyeri, ka nu geus boga laku julig. Ki Pandita uninga ka nu boga dosana.

Lajeng bae ngutus maung kembar, sina ngahukuman Nini Jahil. Duanana teu meunang waka balik, salila tukang tenung jahat hirup keneh.

Maung kembar indit ti patapan, rek ngajugjug ka Gunung Parahu. Sarta teu kungsi lila ti harita, di tutugan Gunung Parahu guyur, Nini Jahil geus kapanggih jadi bangke, Beungeut jeung awakna ruksak, kawas tapak ngareweg maung.

Dikantun pupus ku ibuna, Dewi Srangenge kacida pisan sedihna, raosna teu aya deui batur pakumaha. Aya oge Ki Pandita anu haat nyaaheun, da teu sarua jeung indung kanyaahna. Dewi Srangenge sering emut ka ibuna, ahirna teu kiat lami-lami aya di patapan.

Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur. Saleresna Ki Pandita sanes teu uninga, putu angkatna kabur ngantunkeun patapan. Tapi ku Ki Pandita henteu dihalang-halang. Tibatan manah Dewi Srangenge teras sedih, emut bae ka nu tos ngantunkeun, mending antep sina milari pangalaman.

Saha anu terang Dewi Srangenge teh bakal pinanggih jeung kabagjaan. Caturkeun Dewi Srangenge, saparantosna ngalolos ti patapan, angkat henteu puguh nu dijugjug. Angkat sakaparan-paran kitu bae. Bari henteu ngingetkeun kasalametan dirina.

Saban ngalangkungan leuweung, anjeunna ngarep-ngarep ajal datang, dipacok oray atawa dihakan sato galak. Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daek ngahakan, sakur sasatoan di eta leuweung, kalah paheula-heula nyalingkir. Teu daek deukeut-deukeut acan.

Duka pedah henteu tegaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka henteu kuat ngambeu bauna.
Lami-lami Dewi Srangenge teh jog anjog ka sisi basisir kidul. Lalampahanana kandeg di dinya, kapegat laut upluk-aplak satungtung deuleu.

Ku margi ngaraos kacida bingungna, ka mana nya kedah neraskeun laku, anjeunna liren handapeun tangkal kalapa, sakantenan niat ngareureuhkeun kacape. Dewi Srangenge nanghunjar dina kikisik, bari nyarande kana tangkal kalapa. Neuteup anteng ka tengah laut.

Sakedapan lali kana kasedih manahna. Angin laut lir nu ngusapan salirana, lami-lami ngaraos tunduh anu kacida. Reup bae kulem di dinya tibra naker.

Sabot Dewi Srangenge kulem, anjeunna ngimpen anu luar biasa, impenan sapertos anu enya-enya kajadian. Dina eta impenanana, anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki. Eta aki-aki nganggo anggoan sing sarwa bodas. Ari kana rupina, asa henteu asing deui. Asa kungsi panggih, ngan duka di mana.

Eta aki-aki pok sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara. Ayeuna mah geura gugah, heg geura siram dina cai laut. Engke sagala rupana baris balik deui, balik ka sabihara-sabihari. Rengse siram ulah ka mana-mana, margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”

Tamat aki-aki sasauran, Dewi Srangenge gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal aya laut nu kacida legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sangkan anjeunna enggal-enggal siram. “Anu bieu teh impian ilapat atawa riwan?” gerentes manah Dewi Srangenge.

Tapi ahirna mah Dewi Srangenge henteu seueur deui anu diemutan, ku tina parantos pasrah tea kana kadarna. Gebrus bae ka laut, ibak kokojayan. Cai laut asin teh karaosna asa seger. Anehna unggal anjeunna ngusap raray, urut borok reujeung bisul, harita keneh langsung beresih.

Kasauran aki-aki henteu lepat, pameunteu nu geulis beresih deui. Sinarna moncorong deui sabihari kawas panonpoe kakara medal. Kantenan Dewi Srangenge pohara bingahna. Anjeunna ampir-ampiran teu percanten, kana kajadian nu sakitu matak anehna.

Wareg siram kokojayan, lajeng ngeunteung kana beungeut cai, katingal rarayna ngagenclang herang. Malih raraosanana mah langkung geulis, langkung cahayaan ti nu parantos-parantos. Teu karaos tina socana bijil cisoca, mapay kana damisna anu limit, cisoca anu meDONGdal tina kabungah taya hinggana.

Nurut kana kasauran aki-aki dina impenan, anjeunna henteu ka mana-mana deui. Damelna ngantos kasumpingan satria, anu bade ngajak nikah tea. Dewi Srangenge percanten kana kasauranana, ku margi apan parantos aya buktosna. Pameunteuna anu tadina ruksak, ayeuna balik deui sapertos sabihara-sabihari.

Ngan naha atuh nu diantos-antos teh henteu daek sumping bae. Anjeunna meh unggal dinten ngalangeu di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut. Sangkaan anjeunna, moal henteu, satria teh sumpingna ti tengah laut. Lamun kana kapal laut, geuning taya celak-celakna acan. Atawa bisa jadi bijil ti jero laut.

Sadinten, dua dinten nepi ka saminggu, Dewi Srangenge masih tiasa nahan kasabaran. Saminggu, dua minggu, dugi ka sasasihna, sasasih, dua sasih, dugi ka sataunna, Dewi Srangenge seep kasabaranana. Lami-lami timbul bendu ngagugudug, margi asa dibohongan ku aki-aki, anu patepang dina impenan tea.

Dewi Srangenge penggas pangharepan, bendu dibarung kun genes ngangres. Tungtungna jleng bae luncat ka laut, maksadna bade luluasan, milih neuleumkeun maneh ka laut, nyebakeun salirana ka pengeusi laut, sukur-sukur mun dihakan ku lauk hiu, atawa diteureuy buleud ku lauk paus.

Tapi cai laut kalah nyalingray, kawas nu mere jalan ka Sang Dewi. Kitu deui sakabeuh pangeusina, rupa-rupa lauk nu gede nu leutik, daratang ngabageakeun. Tungtungna Dewi Srangenge teh diangkat jadi ratu di sagara kidul, katelah Nyai Ratu Roro Kidul.

Tapi anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria anu dijangjikeun dina impenan. Cai laut teras-terasan diubek, niatna milarian satria tea. Eta sababna pangna laut kidul kasohor galede ombakna. Lantaran hayoh wae diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul.
No comment Add a comment
Cancel Reply
GetID
Copyright ©2017 Putrasunda.com